
Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed
Hirup téh henteu salawasna kudu jadi patani baé. Aya jalan séjén pikeun lumampah di alam pawenangan. Éta anu jadi pangjurung laku Prof. Dr. Endang Sumantri, M.Ed dina milampah udagan hirupna.
“Lamun téa mah baheula ngandelkeun warisan kolot, sawah anu teu sabaraha legana, tuluy jadi patani, pastina ogé hirup téh bakal monoton. Ulukutek di dinya, ngahasilkeun mobilitas horizontal,” ceuk Endang basa ditepungan ku Cahara di kantorna.
Lahir 15 Juli 68 taun ka tukang, ieu juru atik kahot téh pituin urang Karang Gedang, Kabupatén Ciamis. Anak bungsu ti H. Nawawi jeung Sutinah, kulawarga patani biasa. Ti leuleutik geus dipuuk ku kaperih-kaprihatin. Komo basa nincak umur salapan taun, Endang geus jadi yatim piatu, sarta kudu cicing di imah emangna. Sanajan kitu, éta kaayaan téh henteu ngareuntaskeun sumangetna pikeun terus sakola. Buktina, sabada lulus ti SR 2 Ciamis, Endang neruskeun ka SGB I Ciamis, nepi ka jununna.
Lulus ti SGB taun 1957, Endang narima Surat Kaputusan jadi Guru SR. Ditempatkeun di SR Cibedug, anu jarakna kurang leuwih lima Km ti Ciawi, Bogor. Ari gajihna anu munggaran, teu kurang teu leuwih: Rp.150,-.
Jaman harita, di urang keur meujeuhna harénghéng. Malum atuh jaman goromboloan. Mangkaning daérah Cibedug harita, katotol sayangna gorombolona. “Masih kénéh kabayang, lamun rék indit ka sakola téh kudu nékad, nyieuhkeun kahariwang jeung kasieun,” pokna. “Anu matak pikeun jaga-jaga, Bapa asup ka paguron silat Cimandé,” ceuk ieu bapa ti lima anak jeung aki ti 11 incu téh.
Lantaran gorombolan di daérah Cibedug beuki mahabu, dununganana ngarasa prihatin, Endang dipindahkeun tugasna ka Kantor Inspektorat Kacamatan Ciawi. Nya di dinya Endang mimiti diajar ngurus masalah manajemen dina dunya atikan jeung kaorganisasian téh, anu engkéna baris ngagedékeun ngaranna. Jaba ti ngajalankeun kawajibanana, Endang ogé bari nuluykeun sakola di SGA Bogor deuih.
Sétan Gedor
Henteu pugag nepi ka dinya. Taun 1963 Endang neruskeun kuliah ka IKIP Bandung, anu saméméhna PTPG, Jurusan Civic Hukum. Endang kaasup mahasiswa entragan munggaran IKIP Bandung. Salila jadi mahasiswa, Endang kaasup mahasiswa anu aktif di sawatara organisasi. Di antarana baé Himpunan Mahasiswa Islam (HMI), Kesatuan Aksi Mahasiswa Indonésia (KAMI). Kungsi jadi Ketua Mahasiswa Umum (KMU) Fakultas Keguruan dan Ilmu Sosial (FKIS), Ketua Bidang Organisasi Dewan Mahasiswa I BEM Universitas. Malah ku aktif-aktifna dina organisasi, ti dosén jeung babaturanana Endang meunang jujuluk “Sétan Gedor”. Ari sababna, Endang mindeng idek-liher di Gedung Olahraga (Gedor), anu harita mah mangrupa puseur kagiatan mahasiswa. “Lamun ditanya, naon alesanana Bapa loba aktif dina organisasi? Salian ti pikeun nambahan pangalaman téh, anu utamana mah, lamun aya kagiatan bisa meunang dahareun haratis,” pokna bari seuri, nyoréang pangalamanana ka tukang.

Prof. Dr. H. Endang Sumantri, M.Ed dan keluarga
Bari kuliah, Endang ogé henteu poho kana kawajibanana, nya éta ngajar. Endang jadi guru SR Sukarasa 2 Gegerkalong Hilir. Lamun jadwal kuliah bantrok jeung jadwal ngajar, biasana sok silihtitipkeun kelas jeung babaturanana.
Sabada lulus Sarjana Muda, taun 1967, Endang diangkat jadi Asistén Dosén di almamaterna. Dua taun ti harita, 30 Agustus 1969, pruk baé ngadahup ka Dra. Énih Rohaénih, M.Pd., adi tingkatna waktu kuliah. Rumah tanggana kawilang lulus-banglus, runtut-raut tug nepi ka kiwari.
Sakitu taun malang-mulintang di IKIP Bandung, Endang meunang kasempetan tina Program Bank Dunia, pikeun nuluykeun kuliahna dina Program Pendidikan Luar Sekolah di University of Massachuset, Amérika Serikat. Lulus taun 1988 sarta meunang gelar Master of Education. Ti dinya, meunang deui beasiswa pikeun nuluykeun S3-na dina widangMoral of Education, masih kénéh di University of Massachuset.
Karir Endang beuki nyongcolang. Taun 1990 diangkat jadi Pembantu Réktor II IKIP Bandung. Dina taun 1998 Endang milu marajian gelarna Universitas Galuh, Ciamis, nu asalna mangrupa STKIP. Endang deuih anu jadi réktorna anu munggaran di Universitas Galuh, masa bakti 2002-2004. Kungsi nyangking kalungguhan Ketua Dewan Pendidikan Ciamisdeuih, anu gédé jasana ngayakeun Program Pasca Sarjana Universitas Galuh.
Ceuk Endang, geus mangrupa takdir Illahi, inyana bisa hirup tina ladang dunya atikan. Sabab cenah, lamun ngandelkeun ti kolot mah taya harepkeuneunana. Tapi najan kitu, Endang percaya yén ku ayana rasa prihatin bisanimbulkeun rasa hayang terus usaha.
“Prihatin téh nimat, sabab optimisme lahir tina rasa prihatin,” pokna tandes.
Ayeuna Endang geus hasil ngahontal cita-citana jadi guru, bari némbongkeun préstasi mobilitas vertikal di kulawargana. Di antarana ku nyangking rupa-rupa kalungguhan anu teu éléh pentingna dina dunya atikan.
“Lamun baheula henteu neruskeun sakola, meureun ayeuna téh moal jadi Ketua Senat Akademik, moal bisa ngalegaan sawah warisan deuih. Tapi meureun ayeuna téh keur macul ngurus sawah anu teu sabaraha legana,”pungkasna bari seuri.* (Yatun)
dicopy tina Majalah Sunda Cahara Bumi Siliwangi Edisi II